Carpon - Sendal Lebaran

Dicandak ti dieu

Wajar lamun nu dagang hayang payu kudu pinter ngarayu, tapi rada kurang ajar lamun hayang payu bari jeung nipu. Kajadian ieu kaalaman pisan ku ceu Ida ( ngaran samaran euy) anu nganjrek di salahsahiji komplek di wewengkon Bekasi. Saperti biasana saban sore ceu Ida sok beberesih dihareupeun imahna, teu kungsi lila kurunyung aya tukang sendal, nawarkeun daganganana, rada lumengis lantaran cenah tiisuk meluk can payu sasiki siki acan, sarta can manggih sangu saremeh remeh acan. Ngareungeu kitu hate ceu Ida ngaleketey, jiwa sosialna ngadadak tembong, teu diengkekeun deui sendal teh dibeuli dua rampasan anu hargana dua puluh rebuan, atuh sabada narima duit situkang sendal nyaleuhak ngahenggoy sangu haneut anu karek ngangkat tina mejik jar, diimplik implikan ku lalawuhna, dadar endog,goreng tempe bacem, pleus angeun kacang jogo, disurungkeun ku sagelas cai tiis tina kulkas diasongkeun jeung botol botolna. Sanggeus beuteungna wareg, kitu deui daganganana laku, gura giru manehna amitan kalayan basa basi cumarita yen kasaean eta cenah sing dibales ku nu langkung ageung.

Isukna ceu Ida papanggih jeung tante Genjréng ( ieu ge sanes nami asli euy) tatangga sakomplek ngan beda blok wungkul, manehna galecok cumarita yen kamari tas meuli sendal, enya sendal sendal kitu cenah teu pati teuing butuh da nu heubeul ge masih keneh galituk, ngan eta we karunya jeung teu tega lantaran nawarkeunana bari lumengis sagala, tapi teu kungsi ari nepikeun ka dibere dahar mah. Ngareungeu obrolan tante Genjréng anu mirip jeung nu kaalaman ku manehna, ceu Ida langsung nyamber ” Boa boa anu dipeseran ku abdi ?” tarangna kerung nginget nginget deui kajadian kamari. ” Enya bener eta…!” tembal tante Genjréng basa dibejakeun ciri cirina jeung dedeg pangadegna.

Saminggu tiharita, kurunyung aya nu datang deui ka ceu Ida, sarua nawarkeun sendal bari lumengis kawas minggu kamari. Ceu Ida kerung,pikiranana kumalayang katukang nginget nginget deui, manehna asa asa apal, pas disidik sidik sihoreng nu dagang sendal teh jalmana sarua jeung anu minggu kamari. Sigana kedereun, ma’lum di komplek mah wangunanana sarua, samarukna can karambah kalebah dinya. Ningali lumengisna si tukang sendal,harita mah hate ceu Ida teu ngaleketey deui tapi malah ngagugudug napsu, lain pedah napsu atawa ngarasa kaduhung geus meuli sendal sarta mere dahareun kamanehna, tapi carana ieu anu kurang panujueun,nyieun akal akalan sangkan barangna laku antukna nipu. Lamun kongang mah cenah hayang saketrok ketrokeun neke. ” Keuheul atuh da !” bari terus ngajelebetkeun panto pager, leos kajero.

Ngabandungan pangalaman ceu Ida diluhur, sok inget ka pangalaman si uing sawatara bulan katukang, sarua tukang sendal oge, malahan rada rongkah make wani susumpahan sagala, cenah lamun ngabohong wani teu dibere rejeki sama sakali, aya angkoh nek dibere lima rebu jeung meuli nasi bungkus , tapi manehna nolak malah keukeuh sendalna kudu dibeuli, cenah mah jeung ongkos balik ka Sukabumi, si uing ahirna ngelehan golosor duit dua puluh rebu dibikeun, terus milihan model jeung nomerna anu cocok, sanggeus aya nu meujeuhna tur modelna pantes, kumanehna dites heula diduruk make korek gas, enya we teu teurak nandakeun yen sendal teh cenah bener bener kulit. Nepi ka ayeuna sakadang sendal teh can dipake,lumayan jeung engke lebaran, ngan lamun kaparengan ningali sendal eta, sok asa ngarasa dosa, lantaran inget ka susumpahanana. Bisi enya manehna teh ngabohong lantaran bakating ku hayang laku, enya da si uing mah matak nyebut kitu ge heureuy, ceuk si uing teh “mun ngabohong boeroet siah !” ah mudah mudahan we teu katuliskeun jurig.

Popularity: 5% [?]


About this entry